Posted: Sabtu, 20 Juni 2009 by Rian Hidayat in
2



Kuring hirup dipangumbaraan
jauh kasasaha...
taya kawawuhan..
taya pangalaman hirup
euweuh nujadi pamuntangan
ngan diri sorangan nujadi tumbak pamuntangan
sok ras inget ka lemah cai kuring tatar sunda
lemah cai dimana kuring digubragkeun ka alam dunya
lemah cai kuring nu iuh tur linduh kudadaunan
endah tur gagahna gunung galunggung
ngabedega lir algojo nu ngajaga lemah cai kuring
lemah cai kuring nu curcor cai numatak nyegerkeun awak kuring
lemah cai tempat dimana cinta munggaran kuring datang
ngangaganggu pikiran kuring...
ayeuna kuring hirup nyorangan ditanah borneo
jauh ka baraya jauh tisasaha
teg na hate hayang balik ka lembur
hayang ngarasakeun deui tiisna cai wahangan lembur kuring..
tapi iraha...?
kuring bingung sabab di pangumbaraan kuring teh sangsara
bororaah jang balik eusi beuteung ge... can tangtu ka eusiaan unggal poe
duh gusti nu agung tulungan kuring nu lemah ieu
anging kagusti abdi sumerah diri..
mugi gusti ngaijabah kana sadaya dua sim abdi
dua nu unggal wengi ku sim abdi di panjatkeun
amin ya robbal alamin...